Minggu, 03 Oktober 2010

Khutbah nikah


Mesjid ar-Roosyiduun

Ust. Habib

Majlis Ta’lim
"Al-Kaafuur"
Jln Lembang Desa /Kec Pamulihan Sumedang
http//www.alkaafuur.blogspot.com

Patepang di salaka maya
dilajengkeun di buana nyata
dua teuteup
ngagedurkeun geter-geter asih
janten pasini jangji: seja laki rabi
kiwari,cunduk di waktu
ninggang di mangsa
nitih wanci nu mustari
Asep Zakaria  sareng néng Yuliasari 
didahupkeun di balé nyungcung

Asep Zakaria ,
Sabada ijab kabul diucap
nami Yulia anu satadina dibintian ku nami ramana
baris robih dituntungan ku nami Asep Zakaria
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng Yuliasari


di pasrahkeun ti ramana
ka diri : salira
hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran
Tanggel waler salaki ka anu janten garwana,
anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:

kahiji ngeunaan aqidah
inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha illalloh
Mangkadé dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Aqidah sing panceg Istiqomah
Margi, maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri
upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng
husnul khotimah


kadua ibadah
mamaos mémang raos kadanguna
galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa
iwal ti soanten Asep Zakaria  sareng neng Yuliasari
rampak ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Qur’an

upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah
kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa Asep Zakaria  ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin….tina lambey néng Yuliasari

pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng Yuliasari
dina  du’a demi du’a
nu dilafadzkeun ku Asep Zakaria

Katilu akhlaq
Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Asep Zakaria  di tungtung ditu –
Néng Yuliasari ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat
    

Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri kanu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan

sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga
kumelendangna urang di alam dunya
aranjeunna lantaranana
salapan sasih lamina
urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang
kanyaah sareng kaihklasan
anu teu kénging dimomorékeun
kapan saur hadits ogé:
karidhoan Alloh gumantung kana karidhoan ibu rama

Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du’a demi du’a — anu teu kendat reureuh


tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya

Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi
diantara dua kulawargi
kulawargi Asep Zakaria  ti Gudang  – sareng kulawargi néng Yuliasari ti Pamulihan
Lakirabina Asep Zakaria  sareng Néng Yuliasari
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar ka Islaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya

Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian

Kaopat, cita-cita
Hirup kumbuh laki rabi
ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk
tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta
tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga
di sawarga
ku kituna prinsip

“kuu anfusakum wa ahlikum naaro”
jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka
kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga
upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé
didik ku kaislaman sareng kasundaan


Asep Zakaria miwah néng Yuliasari
dinten ieu,
tilu oktober 2010  
sabuana – samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran

bébér layar tarik jangkar

ربناهبلنامن ازواجناوذرياتناقرتا اعي وجعلناللمتقين امام

baarokallohu laka
wa baroka ‘alaika
wajama’a bainakuma fii khoir

     
                Lokasi Akad Tikah

Text Box: ZAKA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar